Halooo ini tulisan pertamaku di blog
ku, namaku aca :D Malam ini aku mau posting cerpen berdasarkan pengalaman pribadiku, cerpen nya tapi dalam bahasa sunda karena cerpen ini dibuat untuk tugas bahasa sunda di sekolah. Silahkan dibaca :)
"BUMBU RUJAK"
Alief Chansa Fitria S
Turun tina angkot, kuring leumpang
ka jero gerbang nu diluhurna aya tulisan SMP NEGERI 13 Tasikmalaya, katingali
loba tatangkalan nu matak iuh, jeung sababaraha hiji motor jeung mobil guru nu
geus rapih ngadẽrẽt di parkiran. Ka belah dituna, katingali seueur ruangan nu
pinuh ku mẽja jeung korsi, ogẽ aya sababaraha hiji budak nu makẽ seragam bodas
biru karẽk ting torojol bari ngagandong kantong.
Kuring langsung leumpang ka tempat
anu dituju, diluhur pantona aya tulisan kelas VIII-A. Sup wẽ kuring tẽh asup ka
ruangan ẽta, dijero geus nyampak aya Noval, Nur, jeung Resti nu keur ngariung,
tuluy ku kuring disampeurkeun.
“Nuju naraon ieu tẽh? Isuk-isuk geus
ruang riung kieu..” Ceuk kuring bari nyempil ngilu diuk.
“Ieu tah ceuk Noval kẽ uih sakola
wang arameng ka bumi na, biasa we wang papasakan seblak cenah” Tẽmbal Resti
“Oh kitu, hayu atuh..”
Pas keur ngarobrol, kabeneran bẽl abus
geus disada, barudak geuwat-geuwat dariuk kana korsi na masing-masing.
Ahirna
6jam pelajaran geus bẽrẽs, bẽl geus disada deui nandakeun waktu jang balik.
Barudak paributan paheula-heula kaluar kelas da hayang buru-buru balik ka imah.
Harita tẽh cuaca panas kacida, keur
mah capẽ geus diajar, jaba ku lapar tẽa. Kuring, Noval, Nur, jeung Resti nu rẽk
arulin ka imah na Noval sarolat heula di masjid sakola bari rẽk niis
sakeudeung. Sanggeus sarolat, kuring jeung babaturan ngarobrol heula bari makẽ
sapatu.
Tuluy kuring laleumpang rek kaluar
ti sakola, waktu geus kaluar ti sakola, kuring ningali tukang rujak keur
mangkal payuneun gerbang sakola. Mani asa seger nempo bubuahan na tẽh, danas,
jambu haẽr, gedang, bontẽng, hui, bangkuang, jrrd. Ku kuring disampeurkeun eta
tukang rujak.
“Mang mẽsẽr rujak dua rẽbueun dina plastik,
campur nya mang, lada na sing seueur” ceuk kuring bari ngasongkeun duit dua rẽbu.
“Mangga nẽng..”
Sanggeus meuli rujak, tuluy kuring
jeung babaturan laleumpang rẽk naẽk kana angkot jurusan Cisayong-Indihiang. Nya
kitu, imah Noval tẽh rada jauh ti sakola, tepatna di kampung Langkob Cisayong.
Kuring ngahaja milih angkot nu geus pinuh, ngarah tẽrẽh maju na, da lamun nu
kosong mah sok ngetẽm aya kana satengah jam na. Kabeneran kuring kabagẽan diuk
dina “jok panjang” belah tengah na, Noval jeung Resti diuk di hareupeun kuring
dina “jok pondok”, ari Nur mah diukna gigireun kuring.
Dina angkot, kuring jeung babaturan tẽh
bacẽo waẽ ngarobrol keun sagala, ti mimiti, PR, seblak, nepika tukang hayam nu
gigireun gẽ di obrolkeun.
Bakat
ku riweuh ngobrol, kuring hampir poho yẽn rujak tẽh tatadi ngan dicecekel
hungkul can didahar-dahar acan.
Bari ngobrol, kuring rẽk ngahuapkeun
rujak, ari pẽk tẽh mobilna ngagijleg tuluy bumbu rujakna tẽh ngacleng kana
panon kuring, peurihna kacida mangkaning loba cengekan. Kuring nu tadina bacẽo
ngobrol langsung tungkul sabab nahan peurih jeung ẽra ku batur bisi
ditaringalikeun. Pas kuring keur tungkul, Noval noẽlan kuring sabari nanya..
“Ca kunaon tungkul wae?”
Ku
kuring teu dijawab da keur ramisak ceurik. Ahirna pas rasa peurih na geus rada
leungit, kuring ngobrol deui tuluy nyaritakeun ka babaturan kuring yẽn kuring tẽh
kapeureupeunan ku bumbu rujak nu loba cẽngẽkan. Puguh wẽ babaturan kuring tẽh
meni ngehkey nyeungseurikeun kuring nepika turun tina angkot.